#baku_01
20.02 – 21.39
S: Baku ari pareum listrik bari tara bébéja téh, komo
ménta hampura—paling meureun keur Lebaran. Jaba sagala gawai drop batréna.
Baheula mah ngarugikeun usaha réntal komputer kuring; akh, hard-disk matak bad
séctor …
K: Wah, neupi ngalibatkeun polsék sagala nya! Mémang
manéh osok iuran listrik kitu?
S: Lain séktor, tapi séctor! Nya sarualah jeung manéh.
Ikut ‘mertua indah’. Bédana, manéh mah di sawah-kebon waé …
K: Tah geuning, uing mah teu maké listrik!
S: Heueuh teu maké, tapi waktuna nandur, molor; waktuna
manén, ngaréngkol; jeung éta sampeu nangtung mah nangtung … jagong siga wéh nu
ayaan …
K: Sstt, rahasia perusahaan!
n.b. ménta du’a ka 40 yatim-piatu keur nu maok listrik …
c.q. nu maok listrik: ménta du’a ka 80 yatim-piatu …; éh,
nu maok listrik téh panti asuh yatim-piatu … Euh!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar